Daftar Blog Saya

Minggu, 29 September 2013

Asal Usul Ranca Ucing



Dongeng Ranca Ucing

RANCA UCING

Dikalereun lapang lodaya surade, aya hiji tempat anu ngarana ranca ucing. Baheula mah eta tempat teh mangrupa kubang tempat munding garuyang kalayan pinuh ku lentah galede pikagilaeun.
Dina hiji poe nini-nini nyeusueh di baturan ku incuna, baju teh di seuseuh bulak balik apik pisan.
Nini-nini miwarang ka incuna, neneng enggal mandi bisi kabeurangan, ujang geura mandi bisi kabeurangan aki keseleun di imah nungguan.
Gebrus atuh barudak teh marandi bari teuteuleuman sagala meni resepeun pisan.
Ari nini-nini mah jangjon nyeuseuh meni apik pisan
Nini...nini.... tulungan ceuk incuna bari jejeritan
Nini-nini reuwaseun ngadenge incu-incuna menta tulung komo deui bari jejeritan.
Pas ditingali awak budak pinuh ku lentah meni sing jarepat pikagilaeun
Nini-nini buru-buru ngagayem seupaheun, sebrot sebrot diburakeun ka budak nu pinuh ku lentah tea. Dadak sakala lentah lalesot ting karayap neangan cai panglumpatan .
Hey siah lentah tong ngaganggu incu-incu aing! Awas siah cai di saatkeun ku aing jeung silaing dikutuk ku aing jadi penghuni daratan ceuk si nini ambek pisan.
Ngadadak cai kubang jadi saat, lentah-lentah ge jadi ucing anu kawilang lobana.
Hehehe ceuk si nini sugema pisan, harita ucing sing lalimbung siga nu bingung, eong eong bari lalumpat sieuneun ku nini-nini anu gagalakgakan.
Tah ti harita eta kubang jadi daratan, anu dugi ka ayeuna sok di sebut ranca ucing pangauban.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar